MC Muludan Sunda

Para hadirin, saderek sadaya, nu di mulyaken ku Allah Para alim ulama, para kiai, bapak kuwu sareng pamong desana.

Langkung tipayun, hayu urang panjatken puji sinareng syukur ka Gusti nu maha suci ,nu tos maparingan ka urangsadaya sagala kanikmatannana , terutami nikmat iman sareng Islam urang sadaya.

Sholawat sinareng salam hayu urang sami sami panjatken ka jungjungan urang nabiyuna Muhammad SAW nu tos nyandak ka urang sadaya kana jalan kaleresan .

Salajengna, sim kuring ngawakilan DKM mesjid ieu ngahaturken nuhun ka para saderek sadaya nu tos tiasa sumping Rurumpahen ka masjid ieu piken nyomponan uleman dina raraga Maulid Nabi Muhammad SAW, mugi kasumpingan bapak sadayana nyandak kaberkahan kanggo urang sadayana , 

Teu hilap sim kuring ngahaturken rewe rewu nuhun
laksa kabingahan ka para tatanggi, para dermawan, nu tos sami sami
ngarojong ,ngabantos moral,atanapi materilna ,terutami nu tos ngabantos mangrupi jamuan ,sehingga acara maulid nabi tiasa dilakasanaken di mesjid ieu .

  Sateuacan nincak kana acara pokok , sim kuring nuhun ken dihapunten , ka para undangan sadayana bilih dina penghormatan, sajian, atanapi leetennana kirang mernah kana manah , kirang cocok kana hate , da mung sakieu ayana 

Dupi kanggo ngesi acara Muliid ieu sakumaha biasa , nyaeta bade di aosken riwayat nabi dina kitab AlBarjanji , nu bade di aos ku bapak ………… sareng rerencangan , mugi urang sadaya nu ngadanguken ,nu ngabandungan ie riwayat kenging safaat ti rosulallah di du nia atanapi di a kheratna mangga nyanggaken kapara petugas nu bade maosken Kitab Albarjanji . cekap sakie ti sim kuring 
 wasaslam 








0 komentar

Posting Komentar